Paribahasa
Paribahasa nyaéta ungkara wangun kalimah atawa klausa anu eusina babandingan anu bisa jadi perlambangan lakuning hirup, anu geus puguh euntepseureuhana, geus puguh surupanana, geus puguh pokpokanana.
Dumasar pedaran éta ciri-ciri paribasa, nyaéta:
1.
Babanding kalakuan atawa kaayaan jelema kana kalakuan atawa kaayaan hiji hal
anu bisa jadi parlambangan
lakuning hirup.
2.
Pakeman basa anu geus puguh éntep-seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pokpokanana.
Patali jeung wangunna, paribasa bisa dipasing-pasing jadi
tilu golongan, nyaéta:
1.
Paribasa wawaran luang, nyaéta paribasa nu eusina ngebréhkeun pangalaman anu
geus lumrah di
masyarakat, serta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang. Contona:
Ayakan mah tara
menang kancra, artina usaha ku modal leutik, hasilna ogé moal gedé.
2.
Paribasa pangjurung laku hadé, nyaéta nu eusina mangrupa pangjurung pikeun
milampah kahadéan.
Contona: Ari diarah supana kudu dijaga catangna, artina ari
aya barang (banda) nu diala
hasilna, kudu daék ngurusna.
3.
Paribasa panyaram lampah salah, nyaéta nu eusina panyaram sangkan ulah migawé
pagawéan anu matak
rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur. Contona: Cul dogdog
tinggal igel, artina ninggalkeun
pagawéan baku, ngalampahkeun pagawéan nu taya hartina.
Kecap Sangaran
Kecap sangaran (homonim) nyaéta dua kecap atawa leuwih anu diucapkeunana
(dilapalkeunana)
sarua, tapi ngandung harti anu béda (teu sarua). Contona:
1.
Ulah loba teuing dahar gajih, teu hadé keur
kaséhatan.
2.
Teh Siti gajihanana saminggu sakali
Kacap
gaji dina kalimah nomber hiji ngandung harti „kadaharan‟, sedengkeun dina
kalimah nomber dua kecap gajih ngandung harti
„panghasilan‟.
Ngalarapkeun Paribasa
Tengetan ieu
kalimah!
Ieu di handap
aya paribasa, pék larapkeun dina kalimah!
1. Nyiuk cai ku
ayakan = migawé laku nu moal aya hasilna.
2. Sapu nyéré pegat simpay =
paturay, asal babarengan lila tuluy papisah.
3. Legok tapak genténg kadék = loba pangalaman.
4. Adat ka kurung ku iga = adat téh hésé digantina.
5. Aya jalan komo meuntas = eukeur mah aya maksud turugturug aya
pijalaneunana.
Mikaweruh Kecap Sangaran
Dina bacaan saméméhna aya kecap jalak, anu nuduhkeun ngaran manuk.
Kecap jalak téh tumerap ogé dina
sesebutan jalak harupat. Jalak harupat téh hartina hayam anu alus aduna,
warna buluna semu héjo. Pék baca
ieu kalimah di handap!
• R. Oto Iskandar Dinata anu boga jujuluk Si Jalak Harupat téh
kaasup pahlawan nasional.
Harti si jalak harupat dina éta kalimah mah nyaéta
lalandian atawa sesebutan ka R. Oto Iskandar. Dinata
lantaran gedé wawanén dina nanjeurkeun bebeneran.
Dina kalimah ieu di handap aya kecap-kecap nu sarua wangunna, tapi
hartina béda.
Tengetan harti kecap nu dicitak miring dina ieu kalimah!
1. a. Méméh asup ka lapangan badminton téh, bébéja heula ka
petugas jaga.
b. Jaga mah ieu tempat
téh bakal kakeueum ku bendungan.
2. a. Lahan tanah téh teu acan pajeng diicalna.
b. Bu Guru nganggo pajeng
ka sakola.
3. a. Kelas 6 teu jadi piknik ka Dupan téh.
b. Pelak suuk di kebon
sakola geus jadi.
4. a. Murid-murid keur maca buku dongéng.
b. Penjaga sakola keur
motong awi palebah bukuna.
5. a. Ukur, lapang poli téh sabaraha panjangna!
b. Sakolana ukur tamat
SD.
Harti kecap:
1. a. jaga = petugas pikét
b. jaga = waktu nu bakal
datang
2. a. pajeng = payu
b. pajeng = payung
3. a. jadi = tuluy
b. jadi = tumuwuh
4. a. buku = kitab (sababaraha lambar kertas, dijilidan)
b. buku = sambungan
antara dua ruas awi
5. a. ukur = ngukur pikeun nganyahokeun panjangna atawa legana
b. ukur = ngan, semet
Paribasa Apalkeuneun
Keur ngeuyeuban pangaweruh, ieu di handap aya paribasa anu maké kecap
sasatoan.
1. Ayakan tara meunang kancra (hartina: nu bodo jeung nu pinter
moal sarua darajatna jeung panghasilanana)
2. Anak merak kukuncungan (hartina: sipat-sipat nu aya di anak,
babakuna nu hadena, sasarina loba anu
diturunkeun ku kolotna)
3. Paanteur-anteur julang (hartina: silih anteur maké aya dua tilu
kalina)
4. Sentak badakeun (hartina: teu cééhan dina digawé. Dina mimitina
mah kacida getolna, tapi beuki lila,
beuki ngedul, tungtungna pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan)
5. Ngabuntut bangkong (hartina: ku lantaran teu pati nyaho kana
perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana)
6. Banténg ngamuk, gajah meta (hartina: naon baé atawa saha baé
anu dipikasieun ku urang)
7. Kawas lauk asup kana bubu (hartina: gampang meunangna jeung
asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé
beleke kaluarna jeung ngejagkeunana éta pagawéan)
8. Buluan belut, jangjangan oray
(hartina: pamohalan kajadian)
9. Jaman cacing dua saduit (hartina: baheula pisan)
10. Cara gaang katincak (hartina: anu tadina ramé kacida, ayeuna
mah jempling pisan)
0 Komentar