Pupuh Durma

Raden Ayu Lasminingrat istri Sunda,

Kawentar ahli ngantik,

Katut ahli sastra

Jasana ka nagara,

Natra langgeng tur abadi,

Pahlawan bangsa.

Bela ka lemah cai,

Pek turutan sakur patekadanana,

Ikhlas ngabdikeun diri,

Pikeun kamajuan,

Sakumna kadang warga,

Sangkan beunghar ku pangarti,

Loba kabisa,

Rahayat hirup-hirup

 

Eta pupuh teh diwangun ku dua pada (bait). Dina unggal pada diwangun ku tujuh padalisan (jajar). Ari jumlah engang jeung sora vocal dina unggal tungtung padalisan, yaeta : 12-a, 7-i, 6-a, 8-i, 5-a, jeung 7-i. Ieu teh hiji patokan dina pupuh durma. Pupuh durma boga watek gagah, teuneung atawa ludeung, ngambek, pasea, gelut jeung perang.

Ngabandingkeun

1.      Wangun jeung eusi pupuh :

a.      Diwangun ku pada (bait) anu geus tangtu jumlah padalisanna (jajaran).

b.      Unggal tungtung padalisan  geus tangtu sorana (guru lagu).

c.       Unggal padalisan geus tangtu jumlah engangna (guru wilangan)

2.      Wangun jeung eusi kawih :

a.      Jumlah pada (bait) teu ditangtukeun kudu sabaraha-sabarahana.

b.      Jumlah jajaranana teu ditangtukeun kudu sabaraha-sabarahana.

c.       Unggal padalisan teu tangtukeun jumlah engangna (guru wilangan)

Contoh kawih :

Dewi Sartika

Kantun jujuluk nu arum

Kari wawangi nu seungit

Nyebar mencar sa Pasundan

Nyambuang sa Nusantara

Sari puspa wangi arum

Seungit manis ngadalinding

Sari sekar nyurup nitis

Kana sukma istri Sunda

Teu kagambar ku rumpaka

Heunteu kasanggi ku dangding

Menggahing jasa-jasana

Rahaden Dewi Sartika

Hirupna yitma rohani

Istri Sunda sadayana

Nya jasana Raden Dewi

Ibu para istri Sunda

Mugi-mugi ka Yang Agung

Jasa-jasa Raden Dewi

Teras nyebar teras mencar

Nyaangan nagara jaman

Jadi obor para ibu

Enggoning ngatik pra putra

Sangkan jadi warga guna

Nu ngajungjung lemah cai

Rarangken Tengah –um-,-in-, jeung –ar- / -al-.

1.      Rarangken tengah –um-

Rarangken tengah –um- teh gunana pikeun ngawangun :

a.      Kecap sipat anu ngandung harti :

a)      Keur meujeuhna, contona : haseum + -um- = humaseum

b)      Niron-niron nu, contona : geulis + -um- = gumeulis

c)       Ngabogaan, contohna : rasa + -um- = rumasa

b.      Kecap pagawean anu ngandung harti :

a)      Lila atawa sababaraha kali, contona : jegur + -um- = jemegur

b)      Milampah atawa nurut ka, contona : sujud + -um- = sumujud

2.      Rarangken tengah –in-

a.      Tulis + -in- = tinulis

b.      Serat + -in-= sinerat

c.       Pasti + -in-= pinasti

3.      Rarangken tengah –ar-/-al-

Rarangken tengah –ar- teh gunana pikeun ngawangun :

a.      Kecap barang anu ngandung harti loba. Contona : baralik, narulis.

b.      Kecap pagawean anu ngandung harti loba atawa leuwih ti hiji. Contona : baralik, narulis.

c.       Kecap sipat anu ngandung harti :

1)      Loba, contona : kasep + -ar- = karasep

2)      Teru-terusan, contona : repot + -ar- = rarepot

4.      Rarangken tengah –ar- sok robah jadi –al- lamun dikantetkeun jeung kecap anu dimimitian ku konsonan L atawa kecap anu ditungtungan ku konsonan r. contohna :

a.      Lumpat + -al- = lalumpat

b.      Lunges + -al-  = lalunse

c.       Pinter + -al-    = palinter

d.      Kabur + -al-    = kalabur

Camkeun harti kecap ieu di handap!

Sayaga             = sayogi (lemesna), sadia

Tingtrim          = rasa aman, tenang

Raga                = awak atawa badan

Karisi               = kasieun aya kajadian nu ngabahayakeun

Bela                 = daek nulungan batur tina kasusah kalawan ikhlas

Ngariksa          = ngajaga